Rabu, 03 Oktober 2012

Contoh Biantara

Beberapa contoh Biantara :

1.  Contoh Pidato Sunda | Amal-amal anu bakal nulungan urang di jero kubur

Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.

Teu hilap nu di pikahormat bapa…………….,(eusi kunyalira)
Nu di pikahormat bapa………………,(eusi kunyalira)
Nu di pikahormat bapa……………..(eusi kunyalira)

Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur.

Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.

Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana utang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala.

Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.

Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu Wata Ala.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.


2. Contoh Pidato Sunda | Ngawangun Nagri nu Utami

Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na’udzu min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhadu anla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Nu Maha Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok dina ieu makom, dina raraga ngamumulé atanapi miémut “hari jadina” Kabupaten Ciamis anu ka 368. Acara ieu parantos janten adat tatali rasa pikeun Pemda Kab. Ciamis jeug sakumna warga masrakat Tatar Galuh Ciamis enggoning ngajantenkeun Kabupaten Ciamis janten Nagari anu Utami. Sakumaha anu parantos dijantenkeun visi ogé missina Kabupaten Ciamis ku anjeun.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu turut-tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun neda nyuhun maklum nya paralun miréh sim kuring dina medar ieu carita kirang tata titi duduga peryoga, maklum keuna kana paribasa: “ciri sa nagri cara sa désa jawadah tutung biritna sa carana sa carana” bilih aya tingkah paripolah anu kabantun ti pakampungan anu kacandak di padésaan mantak ngajantenkeun reheut kana mamanahan para wargi sadaya, sakali deui sim kuring neda sih tawakuna, hapunten anu kasuhun.

Hadirin hormateun sim kuring!

Peryogi kauninga wiréh ngadegna kota Ciamis palias sanés ladang énténg, tinangtos tina hasil prosés anu rumpil tur panjang. Sim kuring kataji ku salah sawios pupuhu anu janten Bupati Galuh anu ka genep welas, anu jenenganana Raden Adipati Aria Kusumadiningrat, anu parantos kaamanahan ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Galuh Ciamis dina taun 1839 dugi ka taun 1886.

Saha kinten anu katelah satria linuhung kajamparing angin-angin, kakoncara ka janapria téh? Raden Adipati Aria Kusumadiningrat téh kalebet tokoh anu luhung ku élmu, beunghar ku komara —tiasa janten ngawujud ngaraga sukma ka Bapa Engkon Komara— jenenganana nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan élmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara latén. Maréntah adil palamarta,
wedi asih ka rahayat.

Pamaréntah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa téa. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 ogé geus dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan nu tumali jeung komoditi kopi téh.

Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk imata, cenah geuning “Dengkleung dengdék, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun sadérék, ulah arék dihareureuyan“, gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancén gawé tanam paksa.

Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur séjén saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tétéla di Kabupatén Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat téh, tapi ogé nila. Proyék nila ieu pisan anu nimbulkeun insidén Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana téh.

Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu baé Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokoprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopoéna kudu ngagugulung kebon kopi jeung entéh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Déngdék téh.

Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu téga nyaksian rahayat kasiksa ku katelengesan pamaréntah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawé tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, énggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersiér jeung sekundér katut dam-dam anu tohaga.

Tepi ka ayeuna aya kénéh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.

Saterusna Bupati anu beunghar ku élmu panemu turta henteu tiasa kulem saméméh babakti ka rahayatna téh, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon pangantén lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat pangantén ngawalan rumah tangga.

Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis nyolontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila ogeCiamis sohor jadi gudang kalapa pangma’murna di Priangan wétan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeunku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yén jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin ogé kantun ngaran, sumawonna nu séjénna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadéséh ku minyak kalapa sawit jeung minyak goréng séjénna.


3.  Contoh Pidato Sunda | Masrakat urang masih kénéh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup

Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
Para wargi hormateun sim kuring!

Tatar Ciamis téh legana 2.556,75 m2 atanapi 3,65 kali lipet tina legana nagara Singapura anu legana 707,1 km2. Pendapatan perkapita penduduk Negara Singapura nyaéta AS $ 28.228, sedengkeun Nagara Indonesia perkapita pendudukna AS $ 3.979 atanapi ngabanding kana 7 kali lipet sahandapeun perkapitana Singapura.

Dina hal ieu sim kuring sanés badé ngawiwirang ka lembur sorangan, nanging langkung payus pikeun urang sadaya pada museurkeun pamikiran séwang-séwangan neuleuman kasang tukang naon anu mantak tingkat ékonomi nagara urang masih jauh tina basa utama, rahayat ma’mur kahirupanana sejahtera lahir sinareng batin.

Padahal upami urang niténan kana poténsi sumber daya alam anu dipibanda ku Singapura éstu jauh tanah ka langit dibandingkeun sareng tatar Ciamis. Warga nagara Singapura pikeun nyumponan kabutuhan cai baé kudu ngadatangkeun ti nagara deungeunna nyaéta Johor Malaysia.

Kumargi sakitu tangtos tiasa kaétang ku urang sadaya sabaraha artos anu kedah dianggarkeun pikeun kaperluan MCK penduduk nagara Singapura dina sadidintenna.

Hadirin anu sami hadir!

Kalayan ngébréhkeun rasa syukur ka Gusti Allah SWT ku bageuran Mantena urang sadaya parantos dipaparin bumi anu subur ma’mur, gemah ripah loh jinawi.

Nanging paribasa éta saupamina dina mangsa-mangsa ka tukang sok dilengkepan ku kalimah “murah sandang murah pangan, sepi paling towong rampog” rupina babasan ieu kantun tunggulna. Laas tinggal tapakna, sabab henteu kasartaan sareng kanyataannana. Masrakat urang masih kénéh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup sadidinten.

Mun sok komo lamun kudu nyumponan sagala kabutuhan hirup anu aya hubunganana sareng pendidikan ogé kaséhatan anu layak tur pantes.

Lapangan gawé anu aya masih tebih tina basa utami pikeun nyumponan tur nampung warga masrakat angkatan kerja anu ti waktu ka waktu terus-terusan nambahan. Panarimaan masrakat dina widang ékonomi kacida pisan gajligna.

Di hiji pihak aya masrakat anu kabeungharanana milyaran rupiah, di pihak séjén justru aya masrakat anu malarat, tikoro nyoso-lara balangsak. Awak gulak giluk tinggal tulang jeung kulit, ceuk paribasana.

Numatak sakitu, samangsa-mangsa pamaréntah ngarencanakeun pikeun naékeun BBM atawa tarif listrik pasti diréspon ku protés atawa démonstrasi. Beurat narimbangan akibat tina naékna harga-harga séjén tina sabab musabab tuwuhna inflasi.

Saleresna sanés ukuran siap atanapi teu siapna masrakat urang dina nyanggap sakumna program pamaréntahna, hususna ngeunaan rencana naékeun harga BBM anu disaluyukeun sareng harga minyak dunia.

Nanging ku nérékélna hahargaan ieu kuduna dipitembeyan ku panghasilan masrakat anu aya hubunganana sareng tingkat pendapatan perkapita penduduk.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.


4. Contoh Pidato Sunda| Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan

Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
Hadirin anu sami hadir!

Dina momentum miémut medalna Galuh-Ciamis anu ka 368 ieu sim kuring perlu ngémutan ka para inohong anu kiwari disérénan amanah ku rahayat pikeun ngagem kalungguhan di badan ékskutif atanapi législatif. Nanging paralun maklum anu kasuhun, sim kuring sanés wakca ngalalancangan sumawonan mapatahan. Dina hal ieu sim kuring gaduh kawajiban pikeun ngalaksanakeun salah sawios parétan Gusti Allah SWT sakumaha anu diunggel dina surah Al-‘Ashr nyaéta antawis muslim sareng muslim kedang silih wasiatan dina nanjeurkeun haq (bebeneran) ogé kashabaran. (tawa shoubil haqqi wa tawa shoubish shabr)

Wiréh émutan rahayat tangtos panjang pisan, malihan tiasa mapat ogé parat dugi ka ahérat, nalika ngabandungan sadaya kasauran para wakil rahayat ogé para inohong dina nalika nyeuceup geugeut simpatik rahayat dina waktu kompanye. Nu mawi sakitu, manawi aya jangji pasini anu teu acan ngabukti, pasang subaya anu teu acan kalaksana, kumargi éta téh kalebet kana hutang mangga énggal-éngkal geura cumponan.

Hadirin hormateun sim kuring!

Slogan Ciamis ogé visi sareng missi Kabupatén Ciamis tinangtos henteu kirang sampurnana, malihan kalintang ahéng kabina-bina saupamina tiasa jangélék ngawujud janten kanyataan. Masrakat tatar Galuh-Ciamis upami ditilik tina hétérogénitas pendudukna kalintang tengtrem ayem, henteu loba tingkah paripolah anu hubunganana sareng tindakan anarkis, provokasi, denstruktif, ogé kagiatan pibahayaeun anu sanésna anu tiasa ngancam kana utuhna kasatuan sareng persatuan bangsa. Hal ieu tiasa kabuktos tina gebyegna masrakat Ciamis pakidulan anu némbongkeun kahayangna pikeun ngamekarkeun daérahna ti Kabupatén Ciamis janten Kabupaten Pangandaran. Prosés ieu sok sanaos henteu gampil kitu-kitu waé, nanging sakiwarieun mah alhamdulillah henteu aya “riak gelombang” anu mantak pihariwangeun.

Poténsi pikeun ngamajukeun Ciamis téh kalintang ngaleuyah pisan, malihan seueur pisan poténsi alamiah ogé pangwangunan titinggal Walanda anu teu bisa dioptimalkeun. Cobi ku urang titénan sabaraha legana tanah anu henteu jelas status garapanana anu dijadikeun lahan taneuh PJKA, ditarik ti kawit batas Kota Banjar ngajepat ratusan kilometer dugi ka Cijulang. Mangga émut deui, saupamina lahan éta henteu produktif usahakeun pikeun dirobah janten langkung ekonomis pikeun kasajahtraan saréréa.

Teu kaitung tina poténsi perikanan laut, wisata, komoditas kalapa, kehutanan, pertanian, peternakan, mineral, jeung sumber daya alam nu séjénna. Piraku wilayah urang anu legana langkung ti tilu satengah kali lipat legana Singapura bari jeung sagala rupa sumber daya alamna lengkep pisan, maké henteu bisa ngaronjatkeun kasajahteraan?

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.


5. Contoh Pidato Sunda | Paturay tienung kelas 6 SD

Assalamualaikum wr. wb

Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak,
Ibu guru sekolah seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya,
menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.

Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.

Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.

Para Ibu Bapak sadayana,
Kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya,
Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.

Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.

Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.

Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.



6. Pidato Bahasa Sunda | Hikmah Puasa Jeung Kasantunan

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Loba manfa’atna nu bias dibeunangkeun jeung sakabeh muslim ti ibadah puasa. Salah sahijina, jeung media ngalatih kasantunan jeung berimokrasi sapopoe jalema muslim nu hayang ngajaga kamurnian puasana wajib ngangembangkeun. Cara berinteraksi nu sopan. Baik jeung tutur kata, canda atawa tingkah laku bahkan jeung jalema nu ngangsarikeun, sakalipun anu sakabeh jalema anu keur puasa “ Sabda rosulullah SAW” anu aya nu mari atawa nyangserikeun, gewatlah abdi ngomong (ma’af) abdi keur puasa (HR. Bukhori jeung Muslim).

Kasantunan kawas kitu rek ngadampak gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalema anu ti sakitarna abdi erek ngabuat jadi pribadi anu indah. Allah swt nurunkeu, dua kaindahan umumna jalema kaindahan fisik jeung kepribadian umumna jalema gampang kagoda ku kaindahan fisik, lamun kaindahan fisik leungit kesan anu tingkah laku jeung omonganana kasar, di deuleuh kasantunan jadi factor kunci ngawujudkwun pribadi nu indah.

Sasungguhna Allah swt ngabere (kautamaan) jeung kasantunan nu teu di berekeun jeung sifat-sifat nu lain (HR. Muslim)

Ti kesempatan lain Rasulullah SAW bersabda :
Sasungguhna ka santunan teu melekat ka pribadi atawa parhiasan, jeung teu kacabut atawa jeung aib. (HR. Muslim).

Kadua kasantunan bisa ngabentuk sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh, nyaksikeun pribadi Rasululloh SAW, nu santun, diantaranana : Tsumamah bin atsal RA jeung zaid bin sa’anah RA. Katilu kasantunan adalah pelindung hati ti noda jeung panyakit kalbu nu perlu di sadarkeun katika ngomong kasar jeung nyumpahkeun sabenerna kita teu keur ngarugikeun jalema lain. Tapi nganodakeun hati sorangan, ngotorkeun kanggo kekerasan serta ngajadi keras “ sasungguhna Allah swt maha santun ti sagala hal (HR. Al Bukhori).

Samoga puasa ieu bisa meletakeun etos kasantun ti sapopoe kita sahingga menjadi hamba-hamba nu di sukai Allah swt, sabab ti sabuah hadist di sebutkeun apabila Allah swt suka hambana, maneh erek ngaruniakeun kasantunan (HR. Muslim jeung Abu dawud)

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


7. Pidato Bahasa Sunda | Iman Kana Kodo dan Qodar

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..

Hadirin anu dipikahormat !
Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
“ saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”

Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum…



SEMUA CONTOH - CONTOH DIATAS DIAMBIL DARI kabarmu.blogspot.com/2010/07/contoh-pidato-sunda.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar